:

1 Babad 8

1

Binyamin putrana lima, nya eta: Bela, cikalna, Asbel, Ahrah,

2

Noha jeung Rapa.

3

Bela puputra Adar, Gera, Abihud,

4

Abisua, Naaman, Ahoah,

5

Gera, Sepupan, Huram.

6

Ehud, puputra Naaman, Ahia, Gera, kabeh jaradi kapala karuhun jalma-jalma anu maratuh di Geba, anu tuluyna diboyong ka Manahat. Waktu keur diboyongna dikapalaan ku Gera, ramana Usa jeung Amihud.

7

(8:6)

8

Saharaim mirak dua bojona, Husim jeung Baara. Geus kitu pindah ka tanah Moab sarta nikah di dinya ka Hodes, tuluy puputra tujuh: Yobab, Sibya, Mesa, Malkam,

9

(8:8)

10

Yus, Sakis jeung Mirma, anu jaradi kapala kulawargana masing-masing.

11

Memeh eta, ti Husim oge aya putrana dua nya eta Ahitub jeung Elpaal.

12

Elpaal puputra tilu: Eber, Misham jeung Semed. Semed ngadegkeun kota Ono jeung Lod katut lembur-lembur sakurilingna.

13

Beria jeung Sema jaradi kapala warga anu maratuh di kota Ayalon, sarta nyingkahkeun jalma-jalma urang kota Gat.

14

Beria puputra Ahio, Sasak, Yeremot,

15

Sebaja, Arad, Eder,

16

Mikael, Yispa jeung Yoha.

17

Elpaal puputra: Sebaja, Mesulam, Hiski, Heber,

18

Yismerai, Yisli jeung Yobab.

19

Simei puputra: Yakim, Sikri, Sabdi,

20

Elienai, Siltai, Eliel,

21

Adaya, Beraya jeung Simrat.

22

Sasak puputra: Yispan, Eber, Eliel,

23

Abdon, Sikri, Hanan,

24

Hananya, Elam, Antotia,

25

Yipdea jeung Penuel.

26

Yeroham puputra: Samserai, Seharya, Atalya,

27

Yaaresia, Elias jeung Sikri.

28

Kabeh jaradi kapala warga sakaruhunna-sakaruhunna, anu turunanana maratuhna di Yerusalem.

29

Yiel ngadegkeun kota Gibon sarta matuhna oge di dinya. Ngaran istrina Maaka.

30

Anjeunna puputra: Abdon cikalna, Sur, Kis, Baal, Ner, Nadab,

31

Gedor, Ahio, Seker

32

jeung Miklot. Miklot puputra Simea. Turunan maranehna caricingna di Yerusalem deukeut jeung pada baraya.

33

Ner puputra Kis, Kis puputra Raja Saul. Saul puputra opat: Yonatan, Malkisua, Abinadab jeung Esbaal.

34

Yonatan puputra Meribaal, Meribaal puputra Mika.

35

Mika puputra opat: Piton, Melek, Tarea jeung Ahas.

36

Ahas puputra Yoada, Yoada puputra tilu: Alemet, Asmawet jeung Simri. Simri puputra Mosa.

37

Mosa puputra Bina, Bina puputra Rapa, Rapa puputra Elasa, Elasa puputra Asel.

38

Asel puputra genep: Asrikam, Bokru, Ismail, Sarya, Obaja jeung Hanan.

39

Esek saderek Asel putrana tilu: Ulam, Yehus jeung Elipelet.

40

Putra-putra Ulam jaradi prajurit anu kamashur, palinter mentang jamparing. Putra putuna anu lalaki aya saratus lima puluh urang. Kabeh kaasup kaom Binyamin.

Link: